Selasa, 14 Januari 2014

TAWEKAL DINA MUSIBAH

TAWEKAL DINA MUSIBAH

(Intisari Wejangan Pangersa Abah Anom dina manaqiban
11 Rayagung 1410 H / 4 Juli 1990 M)


. Meunang bagja teh alatan tina hasil musibah, ujian jeung cobaan.

. Ibadah teh keur diri sorangan, lain keur batur.

. Nalika keur meunang cobaan, kudu ngalobakeun maca la ilaha illa angta subhanaka inni kungtu minadzh-dzholimin.
Jeung dina macana kudu dipahami, dihayati jeung diresapi.

. Keur nga"aya"keun kabagjaan kudu ngaayakeun heula karumasaan.

. Ari keur datang rurupek jeung kasusah teh kudu loba ngajerit ka Pangeran.

. Mun rumasa teh kudu ised.

. Cik atuh peuting teh dipake ibadah, dipake isro, dipake lumampah ka Pangeran, ngalobakeun maca istighfar, dzikir jeung khotaman. Pabeberang dipake nembongkeun kahadean ka sasama.

. Bisana urang lumampah kana jalan kahadean alatan ku ayana urang jempling pikiran.

. Dina nembongkeun kahadean geus jadi kapastian aya gogodana anu datang ti hareup, ti katuhu jeung ti kenca, mangka kudu teguh.

. Ulah sok daek ngalayanan nu rek ngahalangan kana kahadean, komo mun ngahajakeun neangan layan.

. Sababna sok daek ngalayanan kana naon rupa nu ngahalangan dina jalan kahadean teh alatan urang teu bener-bener dina dzikirna.

. Dzikir anu bisa nyingkahkeun kana hahalang teh nyaeta dzikir anu dibentengkeun, lain ngan sakadar diucapkeun.

. Kudu ngarasa teu ngenah lamun urang can bisa ngalaksanakeun kawajiban.

. Tapi sanajan urang rumasa hengker, ngan kakara bisa ngalakonan ibadah nu saeutik ulah leutik hate, laksanakeun we sakumaha kamampuhan bari saeutik-saeutik ditingkatkeun amalannana, ulah ngarasa bosen.

. Dina dzikir nu kudu pisan diperhatikeun teh eusina, nyaeta elingna hate kana Asma Pangeranna.

. Keur datang musibah urang teh kudu sabar, sarta di mana datang nikmat kudu syukur.

. Dunya teh tempat keur melak, melakkeun kahadean ku tutulung, melakkeun solat, sedekah, dzikir jeung sajabana.

. Dina berjamaah dzikir ulah sakadaekna, tapi kudu sarua jeung batur, rempeg, ampeg, ulah patonjol-tonjol ngagokkan batur, nu diarah teh di jero ingetan urang, nyaeta ingetna hate eling ka Pangeran.. Di mana-mana mun dzikirna ngentrung eta cirina kosong. Mun ngabepbep eta cirina ngeusi.

. Tembuskeun dzikir tina ucap kana ati, tina ati kana rasa, tina rasa kana mesra, tina mesra kana cinta, tina cinta kana pasrah sumerah ka Pangeran.

. Ngaaya-ayakeun dzikir dina hate eta matak nyingkirkeun sifat munapek.

. Keur naon bae, utamana mun keur leumpang kudu ngarasa-rasa hate dzikir ka Allah.
Diberdayakan oleh Blogger.